Laman

Kamis, 17 Maret 2011

BLUS WARNA PINK

Untuk Abie Kolepz

Blus warna pink mani ngaburinyay
Mukakeun poek jadi caang
Profil anu sautuhna
Ti ujung rambut anu di topi hideung
Tepi ka ujung suku nuju calik
Neuteup ka hareup harepan
Rupa duka aspal
Eta tangtungan geus pasti jangkung leutik
Anu di pilih dina dunya maya
Tangtu geus meunang milih pang hadena
Anu jelas milari tanggah
Ngitung bentang anu baranang
Ngaburinyay-nyay-nyay
Neang bulan ti mimiti kaciri sapasi
Tepi ka purnama
Mun beurang neang caangna panon poe
Hayang hirup jeung kahuripannana
Hoyong ka pendak jati ning diri
di sujudkeun dina sajadah
Ieu kuring nyanggakeun sadaya-daya
dina jalan habluminallah sareng habluminanas
Mugi aya dina ridho Allah Subhanahuwata'alla
Subhanallah

******

1 komentar:

  1. Rupanya pintar nulis puisi Sunda juga, Mariana.
    Seep...
    LANJUTKAN!!!

    BalasHapus